Rabu, 29 Februari 2012

sajak b.sunda


Sajak IWAN  M. Ridwan

Bulan ukur jadi kalangkang dina peuting ngabangingik, jadi tumbal dina réwuan juta lampu nu moncorong. Beureum, konéng ngagindingan kota, sawaréh lalumpatan di jalan-jalan patakonan. Ting garerung bari ting sérépét meupeus lamunan. Langit beuki alum némbongkeun kaceuceub. Kuring beuki anteng ngelun-ngelunkeun haseup filter, sumarambah ngalimpudan jomantara. Nyéh, bulan seuri basa kuring ngajak sasalaman, […]
Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 07-12-2010 | 6 Komentar »
Sajak IWAN  M. Ridwan

Cenah hirup teh jalan nu pagaliwota
Sedeng cinta ngan saukur teteguhan
Urang bebas leumpang mapay nu can kasorang
Nyorangan atawa babarengan teu jadi sual
Di mana aya kacinta di dinya urang bakal ngalalana

Cenah hirup teh kabel nu pakuranteng
Sedeng cinta ngan sakadar layar monitor
Sing nyalse. Sing daria. Tumaninah.
Sabab jaga teuing kumaha boa
Di mana aya tunggara di dinya […]
Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 07-12-2010 | 1 Komentar »
Sajak IWAN M. RIDWAN

Sit-uncuing ngelak maseuk kota
Nyelangan gerung kored mesin
Memeh pindah kana gurat jukut sejen

Handapeuneunana balawiri nu ngulon ngetan
Tuturubun ngudag jeung diudag waktu
“Bisi teu kasampeur nu lebah pengkolan!” ceuk hatena
Ngomong ka panon poe nu teu malire

Renghap ranjug dayeuh beuki sumpeg
Katarajang panyakit mengi sabab paru-paruna geus karancang
Dina tikorona menet reuhak peradaban
Ngagulung jeung teknologi
Jeung runtah

Handapeun sora Sit-uncuing […]
Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 25-02-2010 | 2 Komentar »
Da cinta nu saéstuna tara laas ku robahna mangsa
Rongkah, rohaka tumerap na dadasar kalbu
Nu bisa ngarungkup gunung,
ngojayan jaladri, meuraykeun jaladra
Urang suaykeun rupaning lalangsé
Urang halingkeun aling-aling
Wilujeng milangkala, jungjunan
Panjalu – Cibiru – Pulogebang, 1978-2010
Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 03-12-2009 | 3 Komentar »
Sajak RIZAL SABDA

Karasa ayeuna mah Yan
lalampahan téh geus natrat
kajeueung di péngkolan

bulan béngras kénéh
nyaangan léngkah gejed urang
nu ngandelkeun gandeuang basajan

Yan bulan masih nu baheula
najan cahyana dicangkalak katunaan
wirahmana angger marengan réngkak urang
nu éstu rimbil ku harepan nu can kalakonan


Dimuat dina  Mangle No. 2196
Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 03-12-2009 | 2 Komentar »
Sajak YOUS HAMDAN

Layung, ka mana layung
basa girimis nyandet urang di saung
satengahing pajaratan
basa réngsé ngurebkeun layon
Diriung parentul batu tutunggul
sakapeung urang pating gerendeng
mimindengna ukur ngaheneng
diranggeum keueung

Jeung burit beuki reupreupan

-Saha heula
anjeun heula kuring heula? cék anjeun harita
-Teu kudu paheula-heula
dawuh cunduk mun pareng giliranana, -tembal kuring
asa-asa

Basa angin ngahiur ngawurkeun sawér cihujan
jeung seungit kembang samoja
bulu punduk naha […]
Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 03-12-2009 | 5 Komentar »
Sajak TONI LESMANA

Ngimpleng-ngimpleng pangreureuhan
Sabot damar sakarat. Boa lebah janari
Dina dzikir reumis
Lebah sora ajag nu pamungkas

Ngimpleng-ngimpleng pangreureuhan
Sabot damar sakarat. Boa lebah balébat
Dina salambar halimun
Lebah sora manuk munggaran

Ngimpleng-ngimpleng pangreueruhan
Damar saukur dadamaran
Da léngkah geuning tuluy lumampah
Boa moal kungsi reureuh: apan tatu tacan kénéh liput!

Dimuat dina  Mangle No. 2164
Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 03-12-2009 | 1 Komentar »
Sajak DARPAN

Manéhna sok ngahajakeun datang ka dinya
nyawang layung nu warnana tetep nu éta
teu ngijih teu halodo konéngna matak kabita

Manéhna teu bosen imut salila layung mulas langit
siga milu bungah nganteurkeun panonpoé nu rék tibra
padahal haténa kawas walungan Cikandang
teu weléh bangreung

Waktu layung leungit di Cikandang
diseuseup hawa burit nu alum
dipiceun deui hawa dibarung geter

Tuluy manéhna lunta
jajap […]
Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 03-12-2009 | 4 Komentar »
Sajak Tiwi Sonia

Sabot ngeunteung sajongjonan
kuring pangling kana panon sorangan
neuteup anteb
geuning simpé dina héas-héas paneuteup
nu pinuh rasa guligah
cahya teu weléh nyorot tina kongkolakna salila ieu
geus lila pareum
kakeueum reureueuk ti leuwi ati



Gerem
Sanajan dibekem
Masih bisa ngagerem
Gerem leuwih rosa
Batan heurasna carita
Sanajan ditemprang
ditengkas
kuda-kuda istiqomah
nanceb
dipaseuk alif mim kalimah syahadah
nu dijiadkeun kana embun-embunan
mangsa waruga, anyar
pinanggih jeung alam pawayangan
kakawasaan bisa nandasa raga
ngakaya jiwa
tapi mo bisa ngagunasika pikiran mardika:
rohna ngalalana, nyusupkeun
geter –geter sungapan kamanusaan
kana
unggal sungsum
unggal renghapan
hiji ditandasa
mangyuta ganti
antri
ngeupeul peureup nembang durma
nyingraykeun kapetengan
II
Sataun Jeprut
Sora bedil lodong nu ngabeledag neumbag jajantung
muncratkeun
daki-daki kalaipan
ngabudahkeun cimata mendet
ngabanjiran diri
tilelep — laput
ka tungtung buuk
aleu-aleu sora walilat
kawas ngaléléwé:
unggal lebaran
cimata deui
cimata deui
ti lebaran ka lebaran
nyolédat deui
nyolédat deui
kertas kapitrahan
nu diilo dibulak-balik salila ied
belewuk pinuh kokotor
lapar puasa
ditambah ibadah (nu belang betong)
teu ngabual
hutang dosa sataun jeput
sataun deui
jeprut!
III
Sajak Bangkarak
Sajak pondok - Sajak nyogok
Sajak panjang- Sajak nyugak
Mun teu nyogok - Mun teu nyugak
Sajak ukur bangkarak
IV
Rumasa
Naon hartina kula
Nyusun kalimah taya kabisa
padahal Alloh, nyipta
dunya katut eusina
ukur ngucap:
kun fayakun
V
Era
Neangan diri sorangan
patepung
jeung lalampahan
luar leor
teu uyahan
VI
Lus Les
roh nu ditiupkeun
kana raga nu pinasti mapagkeun pati
kawas kalangkang wayang
dina layar belewuk
katebak angin
lus les
lus les
VII
Ulang Taun
Poe ngagilinding
nyipuh buuk pulas kulawu
meotan kulit - ngaregas tulang
VIII
Huis
Basa ukur hiji dua
sok pareng dicabutan
Basa beuki ngalobaan
Umur teu bisa dibohongan
IX
Poho
paris
maragatkeun kasadaran:
poe teh, kawas
laut tanpa tungtung
tempat pamayang balayar tanpa tujuan
poho ka pangbalikan
X
Alhamdulillah - alhamdulillah?
rambut ditutup rapet
ku jilbab
acuk nyitak
bujal ngajorelat - aya nu ngajepat
alhamdulillah
alhamdulillah?
XI
Boa - Boa
Kuhoyong sajadah
janten “alketip ngapung”
jajap waruga
deuheus Salira
ka Sidratul Muntaha
Raga madep Kabah - Baetullah
Kalimah takbir di ucap
babacaan dilenyepan
maca ayat ditarikkeun - ditutup ku aweh salam
tapi,
emutan
angger ngalalana
kamamana-kamamana
Gusti,
Rakaat demi rakaat
nu diadegkeun
to’at dawuh Isro Miraj
boa - boa
ngan saukur, dianggap
olah raga
ku Salira
boa-boa
boa-boa
XII
CIKARACAK
Cikaracak ngarakacak
leuweung dibukbak
huluwotan ngoletrak
caina teu ngeclak
kampung burak
rahayat ngoceak
para kglomerat: curak-curak
sila andekak
Naha kudu nungguan rahayat barontak
lamun cikaracak caina hayang ngeclak, atawa:
kudu aya tangkurak dekok
dibeletak batu cikaracak
nu lawas teu manggih
tiisna keclak cai :
cikaracak
Lamun rahayat ngoceak
Cikaracak ngarakacak
pamingpin milu andekak
naha urang ge cukup calawak

19 Responses to 'SAJAK SAJAK SUNDA'

Subscribe to comments with RSS or TrackBack to 'SAJAK SAJAK SUNDA'.
  1. Maman Gantra said,

    ON FEBRUARY 4TH, 2007 AT 9:14 PM
    Kayungyunlah si Akang mah. Sanaos tos janten urang Paris ge getih Sunda-na teu pareum-pareum. Wilujeng, Kang. Diantos seratan-seratan sanesna.
    Baktos,
    Pun Maman
  2. wawan ajen said,

    ON APRIL 3RD, 2007 AT 3:11 PM
    uluk salam miwah hormat,
    ngiring bingah pisan ku ayana seratan-serat Pa Ganjar, komo eta palebah sajak-sajakna mani nembrag pisan kanu tungtung jajantung. punten wae neda widi pami sajakna dipublikasikeun ku abdi di panggung ngalangkungan si Cepot.wiosnya pa? da disebatkeun ieuh sumberna.
    sono waktos acara expo niort 2006, 40 dinten campleng sareng pa Ganjar, Pa Arthur (STSI Bdg) aprak-aprakan di prancis. nunutur si cepot.
    sajak cikaracak janten inspirasi ngadamel naskah garapan wayang ajen “ngaruat kalangkang”
    hatur nuhun,
    baktos abdi
    pun wawan ajen
  3. reza A1O.03.069 said,

    ON MAY 26TH, 2007 AT 7:39 PM
    Willujeumg jamtem pamingpin di unpad….sing tiasa ngabimbing mahasiswana janten jalmi anu guna khususnya kanggo tanah sunda sareung PERSIB….!! Hidup PERSIB
  4. Son Subekti said,

    ON JUNE 6TH, 2007 AT 2:38 PM
    Reueus, maos sadaya seratan salira, bet karasa reugreug jadi urang sunda. Cenah ceuk warta urang sunda teh geus kailangan kasundaanana, nyatana salira mah estuning jejeg panjeg teu laas ku “ngagulidagna budaya deungeun” anu ceuk batur mah “moderem” cenah.
    Salam baktos ka salira, sarta puji syukur ka dzat anu maha kawasa anu parantos maparin kapercantenan mingpin Unpad. Sim kuring percanten salira baris istiqomah dina nanjeurken “visi sinareng misi”.
    Upami ngadangu jenengan salira sim kuring sok emut waktos KKN 1982 di Sukanagara Cianjur Selatan, anu dibingbing ku salira

  5. ON JULY 12TH, 2007 AT 11:32 AM
    alah kang meuni sae pisan….asa waraas pisan :)
    Nuhun ah
  6. Dadang Rusmana said,

    ON JULY 12TH, 2007 AT 2:55 PM
    Reueus aya pamingpin mikacinta ka kasenian sunda, atuh saha deui nu bakal mikacinta ka kasenian sunda ari lain urang sunda sorangan, sim kuring ngaraos bingah saatosna ngaos sajak-sajak ti kang ganjar mugia sing janten anutan urang-urang sadaya, dia antos sajak-sajak nu enggalna kang !!!
  7. Yatun R. Habullah said,

    ON SEPTEMBER 17TH, 2007 AT 10:32 AM
    Kang salam baktos ti urang ciamis
  8. asep said,

    ON OCTOBER 4TH, 2007 AT 1:09 AM
    seruuu…hebat..menyatu..kata-kata bapak itu punya ruh yang auranya begitu besar…two thumbs up untuk ganjar kurnia

  9. ON OCTOBER 9TH, 2007 AT 10:26 AM
    wilujeng wayah kieu, kang. kayungyun ku sajak-sajakna. oge ku rumpaka tembang bandunganana. mugia karya-karyana teras ngamalir ngagolontor, sanaos tangtos ayeuna kasibukan akang nambihan. salam kenal ti sim kuring.
  10. kangade said,

    ON OCTOBER 23RD, 2007 AT 11:24 AM
    Pa Ganjar ayeuna mah tiasa langkung ti “ngagerem” tapi mangga geura “kerekeb” tah nu sok ngagunasika teh, khususna di Unpad, di sarengan ku kakiatan Do’a

  11. ON JANUARY 3RD, 2008 AT 7:08 AM
    Nuhun kana sagala perhatosanana.
  12. nety said,

    ON JANUARY 22ND, 2008 AT 5:27 AM
    Sampurasun.
    Haturan kang ganjar.
    Wilujeng tahun enggal 2008.mugia kang Ganjar sakulawargi aya dina panangtayungan Alloh swt.
    Duh..meuni kayungyun…tiasana ngadamel sajak sunda na.
    komo deui eta aya sajak huis..leres pisan kang.di cabutan kalah langkung nambihan. ..di antos deui seratanan nana.
    Baktos
    Nety

  13. ON JANUARY 22ND, 2008 AT 9:55 AM
    Nuhun kana perhatosanana. Salam.

  14. ON FEBRUARY 3RD, 2008 AT 1:55 AM
    Kang, teu nyangki pisan…. rajin…
    Tiasa nyuhuneun resepna teu????
    kumaha cara ngabagi waktu?????

  15. ON FEBRUARY 3RD, 2008 AT 8:48 PM
    ah pangangguran wae. upami aya kereteg sok curat coret. Lumayan di ka Mangle keun mah nambih-nambih kangge balanja
  16. Nantia Rena said,

    ON FEBRUARY 6TH, 2008 AT 12:59 PM
    Kang, wilujeng…..
    Resep ningali Akang maca sajak waktos pa Ajip tepang taun, sanaos saur Akang di Kompas maca sajak teh pedah we Akang rektor Unpad, tapi reueus aya inohong Sunda nu aktif mikacinta seni tradisina. Iraha aya reuni Lises Kang? Banguna resep lamun alumni2 tatabeuhan atanapi igel-igelan….kacipta maraceuh….

  17. ON MARCH 2ND, 2008 AT 3:56 PM
    duuh kang sae sajak sajakna, salam kenal wae kasadayana komunitas urang sunda , oge ka akang Ginanjar mugi si sukses .
  18. n. suryana said,

    ON MAY 28TH, 2008 AT 11:29 AM
    Kang, nepangkeun. Abdi resep kana sajak Akang. Tos seueur sajak teh? Naha parantos dibukukeun? Pami teu acan, saena dibukukeun wae supados pangalaman puitik Akang anu tadina “mempribadi” janten pangalaman kolektif balarea. Sae pisan da geuning masalah-masalah kamanusaan teh hakekatna universal. Komo upami nu motretna pajabat pendidikan nu sibukna sapertos akang.
    Sok, dirojong pisan!
  19. adinda said,

    ON JULY 1ST, 2008 AT 3:34 PM
    Nembe terang pak Ganjar teh kamari waktu aya acara di PSBJ UNPAD (Jumat, 27/6/2008) Najan kuring gawe di UNPAD ge tara teuing neulek-neulek, da perasaan mah tiap ganti rektor anyar ah kitu jeung kitu. Ari ieu asa beda jeung nu engeus-engeus, basajan pisan. Hamputen pak. Asa kureueus boga pamingpin nu nyunda jeung basajan, asa teu asa-asa. Tapi kuring ge boga rumasa, tetep kuring mihormat Bapak salaku pimpinan tertinggi. Wilujeng pak. Diantos seratan sanesna. Mugi Bapak janten triger perubahan di UNPAD.
  20. I Djatnika said,

    ON OCTOBER 23RD, 2008 AT 2:43 PM
    Dina sajak Cikaracak, aya nu kirang marenah. Eta wae dina pada ngawitan. Saurna teh, “cikaracak ngaracakacak/leueung dibukbak/…../caina teu ngeclak…….
    Cek raraopsan mah asa dipaksakeun teuing.
    Punten Bapa Profesor, ngiring aub…
Dimuat dina Manglé No. 2129

Tidak ada komentar:

Posting Komentar